foto diriku

foto diriku
diriku difoto

Senin, 22 Februari 2010

jangjawokan


Bissmillaahirrohmaanirrohiim,
Sececunduk bintang timur,
Secolat bintang larangan,
Ali-ali kudamula,
Ali-ali kadimacan,
Ciduh aing sina gugur,
Rehak aing sina gelap,
Bul dicandung ke bulan,
Neretep ke serngenge,
Bayu seret bayu serab,
Bayu keseraban aing,
Aing beki aing wani,
Aing tu aya wani aning wani,
Aing sejatine manusa.

Kamis, 18 Februari 2010

KUMISALPEDITOX




Nyakclak totos lalangit pangiuhan,
nyalaleungir bari namprak kaluhur kanu gopur
Munyunghul anu ajeug pageh
manjangkeun leungeuna nuharejo kerngagupayan anu hirup
sangkan nampi anu nolol kaluar matak kabita.
Tapi laindei numurungkut bari jameudud mikiran nungalayang

bakat benang kukasedih, budak cerik, indung bapana ngajerit, dulur salembur kabur,
kurulang-kuriling neangan penempatan
eta mang rupaken kahirupan manusa di alam dunia, silih pakuat-pakait bener-salah,
luhur-handap, harep-tukang, lalaki-awewe, langit-bumi, hirup-paeh, nolol-nyungseb, kulah-cai, juru-sisi, bor-kapur kardus-esi, akar-tangkal, indung-bapak, kolot-budak, adi-lancek,
nyai-akang, teteh-aa, nini-aki, abah-ambu, mojang-jajaka, agama-filsafat.



Jumat, 12 Februari 2010

semangat


Seureuh seuri.Pinang nanggeng.Apuna galugaet angen.Gambirna pamuket angen.Bakona galuge sari.Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay.Cucunduking aing taruk harendong.Cucunduking aing taruk paku hurang.Keuna asihan awaking.Asihan si leuget teureup.Mangga Nyi Pohaci.Nyimas Alame Nyimas Mulane.Geura ngalih ka gedong manik ratna inten.Abdi ngiringan.